John Locke
John Locke nyaéta salah sahiji filsuf Inggris anu gumelar dina taun 1632 di Wrington, Inggris. Anjeunna mangrupikeun jalma munggaran anu ngébréhkeun konsép-konsép dasar démokrasi konstitusional sacara lengkep tur runtut. Gagasan-gagasanna mibanda pangaruh anu gedé kana para Bapak Pendiri Amérika sarta para filsuf jaman Pencerahan Perancis.[1]
Atikan
[édit | édit sumber]Anjeunna ngahontal gelar sarjana dina taun 1656 sarta gelar master dina taun 1658 ti Universitas Oxford. Nalika yuswana 36 taun, anjeunna kapilih jadi anggota Royal Society. Anjeunna téh sobat dalit ahli kimia Robert Boyle, filsuf Pierre Gassendi[2], sarta ahli matematika jeung fisika Isaac Newton. Locke ogé mikaresep widang kadokteran sarta meunang gelar dina widang éta, sanajan manéhna ngan sakapeung waé praktek ngubaran pasién.[1] Basa sakola di Oxford, anjeunna kacida henteu resepna kana filsafat skolastik sarta kurang mikaresep karya-karya klasik.[3]
Lalampahan hirup
[édit | édit sumber]Salah sahiji kajadian penting dina hirupna nyaéta nalika anjeunna wanoh ka Earl of Shaftesbury, saurang tokoh anu ngadukung gagasan pulitik liberal. Locke diangkat jadi sekretaris sakaligus dokter pikeun kulawarga bangsawan éta.[1]
Dina taun 1682, Shaftesbury angkat ka Walanda sarta pupus dina taun saterusna. Locke, anu keur dicurigai lantaran kagiatan pulitikna, ogé ngungsi ka Walanda dina taun 1683. Manéhna tetep cicing di ditu nepi ka Raja James II—panerus Raja Charles II—digulingkeun sabada révolusi taun 1688. Locke mutuskeun pikeun balik deui ka Inggirs dina taun 1689 sarta hirup di wewengkon tatanén.[3] Manéhna pupus dina taun 1704 kalayan status teu kungsi nikah.[4]
Karya
[édit | édit sumber]Dina taun 1689, Locke nerbitkeun karyana anu judulna A Letter Concerning Toleration sacara anonim. Anjeunna ngajukeun yén nagara teu kedah ngaganggu kabébasan agama. Sanaos anjeunna sanés jalma anu mimiti ngadukung kabébasan agama, argumén-arguménna anu meyakinkan pikeun ngabela toleransi narik dukungan masarakat. Mimitina, Locke ngan ukur ngadukung toleransi ka sababaraha sekte Protestan; kumaha ogé, kana waktu, sikep ieu ngalegaan ka Pagan, Islam, sareng Yahudi. Nanging, Locke tetep teguh kana sikep yén toleransi sapertos kitu henteu ngalegaan ka Katolik—anu anjeunna yakin wajib ngadukung monarki asing—atanapi ka ateis.[4]
Anjeunna ogé medalkeun Two Treatises of Government dina taun 1689, anu di jerona anjeunna ngébréhkeun gagasan-gagasan dasar nu jadi pondasi pikeun démokrasi konstitusional liberal. Locke boga kayakinan yén unggal manusa dibekelan hak-hak dasar—lain ngan ukur hak pikeun hirup, tapi ogé ngawengku kabébasan pribadi jeung hak kana milik pribadi. Numutkeun anjeunna, tugas utama pamaréntah nyaéta ngalindungan warga nagara sarta hak-hak milik maranéhna.[5]
Dina taun 1690, Locke medalkeun buku anu judulna An Essay Concerning Human Understanding sanajan kagiatan intelektualna terus-terusan diawaskeun ku pamaréntah Inggris.[3] Dina ieu buku, anjeunna ngajelaskeun asal-usul, sipat, sarta wates-wates pangaweruh manusa.[4]
Pamikiran Locke
[édit | édit sumber]Dia juga dipengaruhi oleh pandasan liberal salah seorang dosennya yang bernama John Owen.[3]
Pamikiran Locke dipangaruhan pisan ku Francis Bacon jeung René Descartes. Sabalikna, gagasan-gagasan Locke ogé mibanda pangaruh anu gedé kana para filsuf séjénna, nyaéta George Berkeley, David Hume, jeung Immanuel Kant.[4] Gagasan-gagasan Locke ogé miboga pangaruh anu kacida gedéna kana Révolusi Amérika jeung Révolusi Perancis, sanajan aya jarak waktu anu cukup jauh antara nalika anjeunna mimiti ngedalkeun éta gagasan jeung lumangsungna révolusi éta sorangan.[6]
Locke nolak pamadegan ngeunaan hak ilahi para raja sarta negeskeun yén pamaréntah meunangkeun wewenangna tina kasapukan pihak anu diparéntah—nyaéta rahayat.[5]
Locke nekenkeun pisan kana ide kontrak sosial. Pamadegan ieu sanés asalna ti anjeunna; tapi, konsép kontrak sosial asalna ti filsuf Inggris Thomas Hobbes. Sanaos Hobbes nganggo konsép kontrak sosial pikeun menerkeun absolutisme, Locke ngajukeun yén rahayat henteu wajib tunduk ka para legislator—utamina upami para legislator éta bertindak sacara sewenang-wenang ka masarakat. Dina pandanganana, rahayat gaduh kakawasaan pikeun ngahapus para legislator, khususna nalika kawijakan henteu saluyu deui sareng kahoyong sareng kapentingan masarakat umum. Sikep anu teguh ieu ti Thomas Jefferson sareng révolusionér Amérika loba dipengaruhan ku Locke.[5]
Locke miboga prinsip pamisahan kakawasaan, nanging anjeunna yakin yén badan législatif kedah ngagaduhan kalungguhan anu langkung luhur tibatan éksekutif sareng yudikatif. Salian ti éta, anjeunna ngadukung prinsip kakawasaan mayoritas, kalayan catetan yén pihak mayoritas henteu meunang bertindak sawenang-wenang, ngalanggar hak asasi manusa, atanapi ngalanggar hak milik.[6]
Locke maca karya-karya Descartes sarta ngahargaan éta karya, tapi manéhna teu satuju kana rasionalisme Descartes, anu boga pamadegan yén pangaweruh téh bisa kahontal sacara a priori.[2]
Locke percaya kana ayana tilu rupa pangaweruh. Anu kahiji nyaéta pangaweruh intuitif, anu ngahasilkeun pangaweruh ngeunaan diri sorangan. Anu kadua nyaéta pangaweruh démonstratif, anu ngahasilkeun pangaweruh ngeunaan Gusti Alloh. Anu katilu nyaéta pangaweruh indrawi, nyaéta pangaweruh anu dicangking ku urang tina alam sabudeureun.[7]
Locke netepkeun lima ajén anu pantes diudag dina kahirupan ieu. Anu kahiji nyaéta kaséhatan, supaya urang bisa ngarasakeun sagala rupa hal maké pancaindra urang. Anu kadua nyaéta ngaran hadé, kahormatan, atawa rasa reueus anu timbul tina pangakuan masarakat. Anu katilu nyaéta pangaweruh. Anu kaopat nyaéta migawé kahadéan supaya urang ngarasa puas. Anu kalima nyaéta harepan pikeun kabagjaan anu langgeng.[8]
Rujukan
[édit | édit sumber]- 1 2 3 Hart, Michael H (2009). 100 Orang Paling Berpengaruh Di Dunia Sepanjang Sejarah. Jakarta: Penerbit Hikmah (PT Mizan Publika). hlm. 246. ISBN 9789791964586.
- 1 2 Hardiman, F. Budi (2011). Pemikiran-pemikiran yang membentuk Dunia Modern. Jakarta: Erlangga. hlm. 65. ISBN 9789790991682.
- 1 2 3 4 Hardiman, F. Budi (2011). Pemikiran-pemikiran yang membentuk Dunia Modern. Jakarta: Erlangga. hlm. 64. ISBN 9789790991682.
- 1 2 3 4 Hart, Michael H (2009). 100 Orang Paling Berpengaruh Di Dunia Sepanjang Sejarah. Jakarta: Penerbit Hikmah (PT Mizan PUblika). hlm. 247. ISBN 9789791964586.
- 1 2 3 Hart, Michael H (2009). 100 Orang Paling Berpengaruh Di Dunia Sepanjang Sejarah. Jakarta: Penerbit Hikmah (PT Mizan Publika). hlm. 248. ISBN 9789791964586.
- 1 2 Hart, Michael H (2009). 100 Orang Paling Berpengaruh Di Dunia Sepanjang Sejarah. Jakarta: Jakarta. hlm. 249. ISBN 9789791964586.
- ↑ Smith, Linda; Raeper, William (2000). Sejarah Ide-Ide. Yogyakarta: Penerbit Kanisius. ISBN 9789792117707.
- ↑ Hardiman, F. Budi (2011). Pemikiran-pemikiran yang membentuk Dunia Modern. Jakarta: Erlangga. hlm. 69. ISBN 9789790991682.