Heulang
| Heulang | |
|---|---|
| Heulang buntut bodas keur hiber | |
| Klasifikasi ilmiah | |
| Karajaan: | |
| Filum: | |
| Kelas: | |
| Ordo: | |
| Kulawarga: | |
| Genera | |
|
Sababaraha, tempo di handap. | |
Heulang; Falco pondicerianus: nyaéta salah sahiji manuk pamangsa nu gedé.[1] Utamana ngageugeuh wewengkon Dunya Kuna, mangrupa anggota ordo manuk Falconiformes, kulawarga Accipitridae, sarta sababaraha genera nu béda nu sakapeung posisina téh teu pati padeukeut.[1]
Sapertos sakabéh manuk pamangsa séjénna, pamatuk heulang téh seukeut tur ngeluk pikeun nyiwiran daging mangsana, sukuna kuat, sarta kukuna ranggoas. Tetempoan heulang seukeut pisan, antukna bisa nyidikkeun mangsa ti kaanggangan nu lumayan jauh.
Taksonomi
[édit | édit sumber]
- ORDO ACCIPITRIFORMES - Kulawarga Accipitridae
- Subkulawarga Elaninae
- Subkulawarga Milvinae
- Subkulawarga Accipitrinae
- Subkulawarga Buteoninae
- (buzzard)
- Crowned Solitary Eagle, Harpyhaliaetus coronatus
- Solitary Eagle, Harpyhaliaetus solitarius
- Crested Eagle, Morphnus guianensis
- Harpy Eagle, Harpia harpyja
- Heulang Pilipina, Pithecophaga jefferyi
- Heulang Guinea Anyar, Harpyopsis novaeguineae
- Black-and-chestnut Eagle, Oroaetus isidori
- Black-and-white Hawk Eagle, Spizastur melanoleucus
- Cassin's Hawk Eagle, Spizaetus africanus
- Changeable Hawk Eagle, Spizaetus cirrhatus
- Mountain Hawk Eagle, Spizaetus nipalensis
- Blyth's Hawk Eagle, Spizaetus alboniger
- Heulang Jawa, Spizaetus bartelsi
- Heulang Sulawesi, Spizaetus lanceolatus
- Heulang Pilipina, Spizaetus philippensis
- Heulang Wallace, Spizaetus nanus
- Heulang Hideung, Spizaetus tyrannus
- Ornate Hawk Eagle, Spizaetus ornatus
- Long-crested Eagle, Lophaetus occipitalis
- Black-Chested Buzzard Eagle, Geranoaetus melanoleucus
- Crowned Hawk Eagle, Stephanoaetus coronatus
- Martial Eagle, Polemaetus bellicosus
- Little Eagle, Hieraaetus morphnoides
- Ayres' Hawk-eagle, Hieraaetus ayresii
- Rufous-bellied Hawk-eagle, Hieraaetus kienerii
- Bonelli's Eagle, Aquila fasciatus
- Booted Eagle, Aquila pennatus
- African Hawk-eagle, Aquila spilogaster
- Golden Eagle, Aquila chrysaetos
- Eastern Imperial Eagle, Aquila heliaca
- Spanish Imperial Eagle, Aquila adalberti
- Steppe Eagle, Aquila nipalensis
- Tawny Eagle, Aquila rapax
- Greater Spotted Eagle, Aquila clanga
- Lesser Spotted Eagle, Aquila pomarina
- Verreaux's Eagle, Aquila verreauxii
- Gurney's Eagle, Aquila gurneyi
- Wahlberg's Eagle, Aquila wahlbergi
- Wedge-tailed Eagle, Aquila audax
- Black Eagle, Ictinaetus malayensis
- White-tailed Eagle, Haliaeetus albicilla
- Bald Eagle, Haliaeetus leucocephalus
- Steller's Sea Eagle, Haliaeetus pelagicus
- African Fish Eagle, Haliaeetus vocifer
- White-bellied Sea Eagle, Haliaeetus leucogaster
- Sanford's Fish Eagle, Haliaeetus sanfordi
- Madagascar Fish Eagle, Haliaeetus vociferoides
- Pallas' Sea Eagle, Haliaeetus leucoryphus
- Lesser Fish Eagle, Ichthyophaga humilis
- Grey-headed Fish Eagle, Ichthyophaga ichthyaetus
- Subkulawarga Aegypiinae: Manuk nu nyatuan daging buruk (Old World vultures)
- Subkulawarga Circinae: Heulang rawa (harriers)
- Subkulawarga Circaetinae: Heulang gogudawang/oray (snake-eagles)
- Bateleur, Terathopius ecaudatus
- Short-toed Eagle, Circaetus gallicus
- Black-chested Snake-eagle, Circaetus pectoralis
- Brown Snake-eagle, Circaetus cinereus
- Fasciated Snake-eagle, Circaetus fasciolatus
- Banded Snake-eagle, Circaetus cinerascens
- Crested Serpent-eagle, Spilornis cheela
- Nicobar Serpent-eagle, Spilornis minimus
- Mountain Serpent-eagle, Spilornis kinabaluensis
- Sulawesi Serpent-eagle, Spilornis rufipectus
- Philippine Serpent-eagle, Spilornis holospilus
- Andaman Serpent-eagle, Spilornis elgini
Heulang salaku manuk nasional
[édit | édit sumber]
Heulang geus loba dipaké ku rupa-rupa nagara salaku simbul nasional, anu ngagambarkeun kawasa, kaéndahan, jeung kamerdékaan.
- Mesir Purba. Pangawasa Ptolemeus di Mesir ngagunakeun heulang salaku cap resmina.
- Romawi Purba. Bangsa Romawi ngagunakeun heulang dina panji-panji perang tentara maranéhanana.
- Austria . Kakaisaran Austria miboga heulang sirah dua salaku simbulna. Saatos bubarna Austria-Húngaria, nagara Austria ngagunakeun heulang sirah hiji dina lambang nagara Austria modérn.
- Kakaisaran Bizantium jeung Rusia. Saatos runtuhna Roma, Konstantinopel milih heulang emas sirah dua salaku simbul Monarki. Hiji sirah ngalambangkeun Roma purba, sedengkeun sirah séjénna ngalambangkeun "Roma anyar" anu aya di Konstantinopel. Saatos runtuhna Konstantinopel, Kakaisaran Rusia ngajadikeun heulang sirah dua téh salaku simbulna sorangan.
- Charlemagne jeung Kakaisaran Romawi Suci. Saatos diistrénan jadi Kaisar Romawi anu anyar, Charlemagne ngagunakeun deui heulang Romawi kuna salaku simbulna. Kakaisaran Romawi Suci anu lahir tina karajaanna ngagunakeun éta heulang, ngan ukur pihak Habsburg ngaganti heulang emas ku heulang imperial.
- Républik Céko. Républik Céko ngahijikeun tilu bagéan sajarah: Bohemia (maké singa buntut ganda dina lambangna), Moravia, jeung Silesia (duanana maké lambang heulang bikang, séwang-séwangan motif kotak-kotak beureum-bodas jeung hideung).
- Jerman jeung Prusia. Prusia, sarta saterusna Jerman geus ngagunakeun heulang hideung salaku simbul nasionalna.
- Islam. Loba nagara jeung organisasi Islam anu ngagunakeun heulang salaku simbul, contona PLO.
- Polska (Polandia). Heulang bodas dina latar buleudan beureum mangrupa lambang nagara Polandia.
- Spanyol. "Raja Katolik", Isabella jeung Ferdinand, ngagunakeun Heulang Emas salaku bagéan tina tameng karajaan. Éta heulang téh aya dina tameng Spanyol tepi ka taun 1978.
- Kakaisaran Perancis Kahiji. Napoléon Bonaparte ngagunakeun deui heulang emas Romawi salaku simbul kakaisaran Perancis anu anyar.
- Turki Seljuk jeung Turki Utsmani ogé ngagunakeun éta simbul.
- Éropa Modérn. Heulang ogé mangrupa bagéan tina lambang nagara Rumania katut lambang jeung bandéra Moldova. Éta ogé mangrupa émblem ti "Shqipëria" atanapi Tanah Para Heulang, anu dina basa Inggris dikenal salaku Albani (tingali Carita Heulang pikeun asal-usul légendaris éta ngaran). Heulang sirah dua mangrupa émblem ti Sérbia, Monténégro, jeung Sérbia jeung Monténégro.
- Méksiko. Manuk anu aya dina lambang nagara Méksiko jeung bandérana nyaéta Heulang Emas.
- Filipina . Heulang Filipina anu kaancam punah mangrupa manuk nasional Filipina.
- Amérika Serikat. Amérika Serikat geus netepkeun Heulang sirah-bodas Amérika Kalér salaku émblem nasionalna. Sanajan Heulang Emas ogé kapanggih di Amérika Kalér, tetengger AS ngeunaan "heulang" anu teu dirinci téh mindeng pisan nujuk kana Heulang sirah-bodas; ieu hal téh teu disadari ku saurang tukang nyetak koin Amérika, anu basa dititah ngagambarkeun "heulang", kalah ka ngagambarkeun Heulang Emas; kasalahan ieu anu jadi asal-usul sasaruaan kecap "heulang ilegal" (illegal eagle). Ngaran jeung simbul pangluhurna dina organisasi Pramuka Amérika Serikat (Boy Scouts of America) ogé nyaéta Pramuka Heulang (Eagle Scout).
Heulang salaku objék réligi
[édit | édit sumber]Heulang mangrupa manuk anu disucikeun dina sababaraha budaya, tur buluna téh miboga peranan penting dina rupa-rupa adat agama jeung spiritual, hususna di kalangan Sélér Asli Amérika (Native Americans). Sélér Asli Amérika nganggap heulang téh salaku objék réligi anu suci; bulu katut bagian séjén tina Heulang sirah-bodas jeung Heulang Emas mindeng disaruakeun jeung Kitab Suci katut salib. Bulu heulang téh ilaharna dipaké dina rupa-rupa upacara sarta dipaké pikeun ngahargaan prestasi anu pinunjul ogé sipat-sipat luhur saperti kapamingpinan anu luar biasa tur kawani.
Sanajan aya kabiasaan warga asli Amérika modérn ogé sajarah anu némbongkeun bulu heulang ka jalma salian-warga asli Amérika jeung anggota warga asli Amérika ti étnik séjén anu dianggap perlu, undang-undang bulu heulang kiwari nangtukeun yén saurang anu bener-bener mangrupa rundayan asli warga asli Amérika anu meunang sértifikasi sarta kadaptar dina étnis anu diaku ku federal kalawan sacara hukum dibéré wewenang pikeun meunang bulu heulang pikeun kabutuhan kaagamaan atawa urusan spiritual.
Rujukan
[édit | édit sumber]- Splitting headaches? Recent taxonomic changes affecting the British and Western Palaearctic lists - Martin Collinson, British Birds vol. 99 (Juni 2006): 306-323
- Bruguier, Léonard A Warrior's Eagle Feather
- Stokes, DaShanne (In Press). Legalized Segregation and the Denial of Religious Freedom.
- Electronic Code of Federal Regulations (e-CFR), Title 50: Wildlife and Fisheries PART 22—EAGLE PERMITS
Archived 2007-06-10 di Wayback Machine
Tumbu kaluar
[édit | édit sumber]- PBS Nature: Eagles Archived 2008-10-06 di Wayback Machine
- Vidéo heulang ti Koléksi Manuk Internét
- Religious Freedom with Raptors
| Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |
- 1 2 Rigg, Jonathan (1862). A Dictionary of the Sunda Language of Java. Universitas Harvard: Bataviaasch Genootschap van Kunsten en Wetenschappen. hlm. 85. Diaksés tanggal 9 Désémber 2019.