Assalamua’laikum Warohmatullohi Wabarokatuh
Allhamdu lillahi robbil ‘aalamin wabihi nasta’iin ‘alaa umuriddunyaa
waddiin washsholaatu wasalaamu ‘alaa asyrofil ambiyaa i wal mursaliin
wa ‘alaa aalihia wasohbihii ajmaiin amma ba’du.
Anu ku simkuring dipihormat Bapa/Ibu Kepala Desa (.......) sinareng
perangkatna, Bapa Ketua RW miwah jajarannana, Para Tokoh Agama, Alim
Ulama, para sesepuh, pamuda pamudi oge para Bapa para Ibu, hadirin
anu sami-sami ku simkuring dipihormat.
Langkung ti payun mangga urang sami-sami panjatkeun puji sinareng
syukur ka Allah SWT, anu mana kalayan rahmat sareng karuniana urang
sadaya tiasa ngariung mungpulung paamprok jonghok patepang raray
dina raraga Mulud Nabi 12 Mulud 1446 Hijriah ieu.
Sholawat miwah salam mugia salamina ngalimpah ruah ka junjunan urang
sadaya Habibana Wanabiyana Muhammad SAW, ka para kulawargina, ka
para Sahabatna, ka para tabiin tabiatna oge teu ka kantun ka urang
sadaya salaku umatna anu Insya Allah taat sareng tumut kana ajarana.
Amin ya Allah Yarobbal a’lamin.
Hadirin sadaya anu ku simkuring dipihormat. Hapunten sateuacana
simkuring kumawantun ngadeg di payuneun bapak/kalih ibu sadaya boh
bilih dina mingpin ieu acara seueur kalepatan sareng kakirangannana
simkuring neda hapunten anu saageung-ageungna.
Pembukaan
Supados teu nyangkolang kana waktos mangga urang buka wae acara ku
bacaan basmalah sasarengan
Bismillahirahmanirahim..
Alhamdulillah acara parantos di kawitan ku bacaan basmalah mugia ku
bacaan basmalah ieu acara di awal dugj ka akhir di pasihan kelancaran tur
barokah amin yarobal alamin
Pembacaan kalamullah
Di lajeng ku acara salajengna nyatanya aosan kalamuloh sareng solawat
nu bade di kapayunken ku kersana ustad zam zam nur mubarok ti
kadungora ka anjena waktos sinareng tempat mangga di haturanan
Sambutan
1. Mui desa rancabango
2. Tokoh masyarakat rw 02
3. Ketuplak sekaligus ketua rw 02