100% menganggap dokumen ini bermanfaat (1 suara)
2K tayangan1 halaman

Festival Tunas Bahasa Indung

Dokumen ini membahas pentingnya melestarikan bahasa Sunda. Bahasa merupakan bagian penting dari budaya suatu bangsa yang perlu dilestarikan. Bahasa Sunda harus dipelihara dan diajarkan kepada generasi muda agar budaya Sunda tidak hilang. Semua warga Sunda diminta untuk bertekad melestarikan bahasa Sunda sebagai identitas budaya mereka.

Diunggah oleh

Dudi Rusyandi
Hak Cipta
© © All Rights Reserved
Kami menangani hak cipta konten dengan serius. Jika Anda merasa konten ini milik Anda, ajukan klaim di sini.
Format Tersedia
Unduh sebagai DOCX, PDF, TXT atau baca online di Scribd
100% menganggap dokumen ini bermanfaat (1 suara)
2K tayangan1 halaman

Festival Tunas Bahasa Indung

Dokumen ini membahas pentingnya melestarikan bahasa Sunda. Bahasa merupakan bagian penting dari budaya suatu bangsa yang perlu dilestarikan. Bahasa Sunda harus dipelihara dan diajarkan kepada generasi muda agar budaya Sunda tidak hilang. Semua warga Sunda diminta untuk bertekad melestarikan bahasa Sunda sebagai identitas budaya mereka.

Diunggah oleh

Dudi Rusyandi
Hak Cipta
© © All Rights Reserved
Kami menangani hak cipta konten dengan serius. Jika Anda merasa konten ini milik Anda, ajukan klaim di sini.
Format Tersedia
Unduh sebagai DOCX, PDF, TXT atau baca online di Scribd

Assalamu’alaikum warrohmatullohi wabarokatuh.

Sampurasun.

Bapa miwah ibu rengrengan pangajen anu ku sim kuring dipikahormat.

Bapa Ibu pangaping miwah hadirin sadayana anu sami-sami ku simkuring dipikahormat.

Langkung ti payun sim kuring manjatkeun sukur ka Yang Agung, rehna urang sadaya
tiasa kumpul ngariung, patepung lawung paamprok jonghok dina kasempatan anu kalintang
saena.
Sim kuring nangtung di dieu, ampun paralun sanes bade culangung. Sanes bade
mapatahan ngojay ka meri. Nanging hoyong ngadugikeun Biantara Anu judulna ‘Ngamumule
Bahasa ‘Sunda.

Maju mundurna hiji bangsa, gumantung kana budayana, saupami budayana teu di
mumule, kantun antosan bae runtag sareng ancurna eta bangsa, salah sawios budaya nu wajib
dimumule nyaeta basa.
Basa Batak, ku urang Batak basa Bugis ku urang Bugis, basa Betawi ku urang Betawi.
Utamina urang salaku urang Sunda, wajib ngamumule basa sunda, margi teu aya nu bakal
ngamumule budaya urang lintang urang sorangan. Dina kaleresan ieu, paralun ampun anu
kasuhun, jembar hampura anu kateda, wening galih nu di pamrih, teu pisa pisan aya maksad
mapatahan ngojay ka meri. Upami nalungtik kaayaan urang sunda kiwari, bon di kota, kitu deui
di dipilemburan, basa sunda anu sakedahna dimumule, diraksa, dijaga, malah leungit jadi dirina,
ilang warna budayana, jati kasilih ku junti teh sanes mung ukur babasaan, urang sunda kiwari,
tos wegah nyebat ema ka indung, nyebat abah boh bapa, margi teu modern teu kekinian. Kitu
deui basa sunda nu kasebat basa basa indung, tos teu nerap deui di urang sunda, margi ema
sareng bapana ku anjeun anu ngancik, ngadidik nalika murang kalih di ajar nyarios ku Bahasa
Indonesia, anu padahal lingkungan sabudeureuna sadaya nganggo basa sunda. Tenahna
murangkalihna ku anjeun kanu kasiksa nalika ngawitan ngalengkah kaluar, pendak sareng
ngobrol sareng rerencangan anu sami-sami nuju diajar cumarios, Jaka Sembung we nu aya,
margi biasa dibumi diajaran Bahasa Indonesia, samentawis anu sanes sareng lingkungana
nganggo basa sunda.
Dina prakannana cumarios, teu kedah sieun sareng salempang, urang kedah emut yen
sunda sanes bandung, sunda sanes sumedang, sanes priangan, tapi nu ka reh kabanda sapon
kulian Jawa Barat. Malihan banten sareng Jawa Tengah palih kulon, eta Sunda keneh.
Aya basa wewengkon anu nerap di wewengkon masing-masing, teu kedah sieun di
lepatkeun, kitu deui pami urang mireng basa wewengkon sanes teu kedah ngalepatkeun, margi
eta oge salah sawios bungahna basa sunda, nyaeta basa wewengkon.
Ibu, Bapa, kadang wargi sadaya nu ku simkuring dipihormat, sadaya patekadan nu di
pilampah, gumantung kana niatna, mangga niatan ti wangkid kiwari. Patri dina geusan ancining
sanubari, tekadkeun dina manah nu setra anu kanggo ngamumule basa sunda, basa sunda nu
urang, ti urang, kanggo urang, wajib di mumule ku urang.
Ramat neurap kurang samata, kukun teu payus, seuweu teu sieup coban teu manjing
barera neda hampura.
Wabilahi taofik wal hidayah, wa annfu minkun. Wassalamu’alaikum warohmatullohi
wabarokatuh.

Anda mungkin juga menyukai